Kamis, 16 Juni 2011

Biantara perpisahan wawakil siswa nu ditinggalkeun

Biantara Siswa anu rek ditinggalkeun

Assalamua’laikum Wr Wb
Bapak Kepala Sekolah anu ku simkuring dipihormat, bapak ketua komite sman 1 Cimaragas anu sami kusimkuring dipihormat, bapak camat kecamatan cimaragas anu sami kusimkuring dipihormat, bapak kapolsek cimaragas oge anu sami kusimkuring dipihormat, bapak-bapak / ibu-ibu tamu uleman anu sami kusimkuring dipihormat teu hilap kakak kelas oge rerencangan sadaya anu sami kusimkuring dipihormat.
Langkung tipayun sim kuring bade nyuhunkeun dima’lum, bilih simkuring dina salebeting sasanggem teh teu ninggang tata basana, teu puguh entep seureuhna, kawantos sanes akhlina. Katambih ku kasedek ku rupa-rupa rasa nu gumuruh minuhan dada, rasa waas kagagas kaselang jeung kahariwang, tos puguheun katineung mah miheulaan ngalangkang dina ciciptaan.
Para wargi sadaya, sim kuring atas nami wawakil ti adi-adi kelas X jeung XI ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu bade dihaturkeun ka kakak kelas anu moal lila deui bakal ninggalkeun urang sadaya.
Kahiji
Seja ngucapkeun ngawilujeungkeun ka kakak-kakak anu dina jero tilu taun urang babarengan, lamun nyawang kana mangsa-mangsa anu katukang tangtu hate urang ngaregencang asa lalewang, sapapait samamanis urang babarengan ayeuna seja ninggalkeun urang sadaya, karaos ku simkuring didikan, atikan tinu jadi lanceuk dina jeroning ngambah kegiatan-kegiatan disakola ieu, estu buerat nyuhun beurat nagging beurat narimakeunana kedah ku maha sareng kedah ku naon atuh simkuring mulangta rimana. Da moal aya harta dunya anu bakal kurup saimbang sarenmg kasaean kakak-kakak. Simkuring mungtiasa jumerit kanu kawasa mugi-mugi maparin ganjaran kasaean.
Kadua
Simkuring ngawakilan adi-adi kelas X jeung XI seuja nyuhunkeun keun dihapunteun kana naon sanes kara kalepatan tos tangtos salami urang babareungan seueur pisan kalepatan sareng kahilapan, atuh langkungna ti eta boh bilih aya kakak anu neuraskeun ngalap pangarti nu leuwih patri ku adi-adi dido’akeun mudah-mudahan aya dina kalancaran sinareung kasuksesan. Amin
Sakitu panginteun kapiunjuk ti simkuring atas nami wawakil adi-adi
Bral geura miang bral geura matandang dimumunggang urang patepung di mumungggang urang paanggang gupayna dangdaunan jeung patingkeresekna kalakay kateubak angin seuja ngawilujeungkeun kanu bakal miang, cimata nu jadi saksi yen urang bakal pateupung deui. Pileuleuyan-pileuleuyan …………!!!!!!

Leumeung teundeut cocongoan
Jalana ka Rajagaluh
Meungpeung deukeut sosonoan
Da urang arek pajauh

Kikir ngait dina tihang
Na tihang jeung langlayangan
Pikir ngait ka nu miang
Nu miang kameumeulangan

Wassalamua’laikum Wr Wb


Created by
Dieck 09

0 komentar:

Posting Komentar

 
;